Tamu : “Pa, ari masang iklan perkawis nu maot dina koran ieu sabaraha pangaosna ?”
Bagean Iklan : “Saratus rebu !”
Tamu : “Sakumaha eta teh ukuranana ?”
Bagean Iklan : “Ukuranana mah opat cm ke gigir, jangkungna we 2 cm, tapi kedah sabaris.”
Tamu : “Aduh mani awis-awis teuing. Mangka abdi teh bade masang dua sareng iklan ngical motor.”
Bagean Iklan : “Tapi da tiasa dina sabarisna lima kecap mah. Ngan panginten aksarana rada dialitan.
Tamu : “Sok we atuh mun kitu mah. Tah kieu unina :
MOTOR DIJUAL MURAH KARIM MAOT
Posts Tagged ‘banyol’
Masang Iklan
{ 5 September 2009 @ 16:31 }
·
{ Barakatak }
{ Tags: banyol, Barakatak } · { Leave a Comment }
Ari Sugan Teh
{ 5 September 2009 @ 16:27 }
·
{ Barakatak }
{ Tags: banyol, Barakatak } · { Leave a Comment }
Endang : “Sep, cenah silaing kamari pasea jeung pamajikan ?”
Asep : “Heueuh Dang, keuheul tuda unggal poe ngomel wae.”
Endang : “Terus, pamustungannana kumaha pasea teh ?”
Asep : “Manehna kuat ka ngorondang nyampeurkeun ka dewek.”
Endang : “Wah, hebat silaing mah bisa meruhkeun pamajikan.”
Asep : “Meruhkeun kumaha ari silaing ?”
Endang : “Eta we pamajikan nepikeun ka ngorondang nyampeurkeun silaing ?”
Asep : “Enya ngorondang teh ngudag dewek bari mawa paneunggeul, lantaran dewekna nyumput di kolong ranjang.”





