Kembang-kembang malati kiwari geus laligar
Ngarangrangan saacan usumna
Boa, bangbara nu kungsi nyeuseup seungitna diri kuring
Geus hiber kabawa angin
Ah, kuring mah hiji kembang nu pasrah kana titis tulis
Nu teu bisa mungkir kana kadar
Bangbara mihape katresna kuring nu kungsi paheut dina ati
ulah rek diumbar jeung diiburkeun
kuring rek mulang ngaleupaskeun sagara cinta jeung cimata
Archive for Sajak
Bangbara nu Kungsi Nyanding
Telekin
Kalimah Anjeun teu kedal diucap
Aya kalimah nu nyelek dina dada
Tapi kuring teu kembat pikeun ngucap
Aya harewos nu niiskeun batin
Tapi kuring teu bisa ngedalkeunnana
Ukur lampah nu karasa nurihan ieu kalbu
Teuing naon nu kudu dilakonan
Sedeng ajal geus aya dina tenggek
Kuring ukur sumegruk dina handapeun samoja
Nyaksen nu nalkinkeun layon diurugan taneuh beureum
Sedeng kuring kudu nandangan siksaan
Nu moal eureun dina itungan mangsa
Pajaratan jadi saksi pamungkas carita
Gupay Ijroil
Lampu-lampu peteng atra nyaang nu ngalalakon
Galur kahirupan lir ibarat jalan nu teu manggih tungtung
Sedeng Ijroil gugupay na tungtung jajantung
Teuing saha nu bakal miheulaan
Sakabehna paembung-embung digero
Geuning dunya teh geus rek surup
Marengan Ijroil muru mangsa
Teuing naon nu baris kasorang jaga
Sedeng dunya geus sengserang padung
Pareng Nyorangan
Pareng ningal kingkilaban
ngolenyay dina wiati
najan mung sakolepatan
geuning patri kana ati
sapertos asih abdi
nu hurung di jero kalbu
manteng mung ka salira
taya nu tiasa nyilih
salamina ruhruy hurung lelentaban
Pareng nyeueung kiceup bentang
kumelip luhur buruan
najan mung sakolenyayan
geuning ngusik kana ati
sapertos geugeut abdi
nu hurung lebah jajantung
manteng mung ka salira
taya deungeun geusan ganti
salawasna nyengcelak taya reureuhna
Pareng nyawang teuteup bulan
nu ngempur di langit tebih
geuning siga nu gugupay
sanaos enya patebih
teu kinten dalit matri
jajantung teu kinten ratug
emut ka salira engkang
nu ilang duka ka mendi
palangsiang boa moal deui mulang
Kahariwang
Nyawang mangsa nu bakal datang
Bet ringrang, sarebu pananya weleh teu kapanggih jawabna
Bet hariwang, sarebu harepan weleh teu kaudag kalangkangna
Na iraha urang bakal ngarasa ludeung ?
Jiga neuteup panon poe meletek nu nyumiratkeun sumanget
Jiga neuteup bulan nu ngajangjikeun kaendahan
Ieu kalbu misono kateger tiktakna waktu..





