Dijaman kiwari asa can nyaksian jalma dicamahan. Boro-boro dicamahan, kecapna oge can kadenge aya anu ngedalkeun. Kuring sok nyerengeh, lamun inget kana eta kecap teh. Padahal ngadenge jeung nyaho hartina teh, basa diuk di bangku SMP, 12 taun ka tukang..
Kieu caritana mah :
Saban poe Kemis di sakola teh sok diayakeun “Penca Silat”, salah sahiji pelajaran ekstrakulikuler. Dilaksanakeunnana bada lohor nepikeun ka asar. Sakali mangsa, guru silat teu ngajar.. Ceuk guru nu lain mah nyandak budakna ka rumah sakit cenah. Keur ngeusian kakosongan waktu, Kapala Sakola nunjuk kuring kudu mingpin ngapalkeun jurus-jurus silat.
Keur hut het ngapalkeun jurus, si Mia ujug-ujug nyakakak terus ngagorowok. “Hey…hey…hey…, barudak eureun. Tempo aing boga jurus anyar…” pokna. Rengkenek we mraktekkeun jurusna. Duka jurus nanahaon, da teu puguh aturan, ngababibuta ka ditu kadieu.
Barudak teu burung eak-eakan, nyaleungseurikeun. Sawareh nyunutan, nyumangetan supaya terus. Diseuneuan teh si Mia lir hanyang ngigel manggih kendang, kalah beuki motah, malah mah make dibarengan ku jungkir jumpalik, najong, ngadengkak jeung ngageol sagala.
Panon lalaki mah mani malalotot kawas lebareun ngiceup. Molotot teh lain muji atawa helok, ieu mah ku lantaran anderok jeung baju si Mia sok nyingkab, nembongkeun katepel dina dadana jeung bungkus mutiarana, da manehna teu make pangsi.
“Tah kitu jurus anyar teh. Sok ayeuna saha anu wani maju ka hareup. Opik, sia wani ?” ceuk si Mia bari guram-gerem kawas maung. Teuteupannana seukeut, buringas beda ti sasari.
“Naha bet teu wani, awewe mah moal aya anu jago…”walon kuring.
“Naon, sangeunahna ngahina kaom awewe teh. Maju siah !”
“Eahhh…Awewe mah euweuh anu jago,” bari ngalengkah, terus ngareret ka barudak anu geus ngariung, ngurilingan. “Tingali barudak, awewe mah ku nu kieu mah sieuneun,” sambung kuring, terus ngadeukeutan si Mia bari leungeun api-api arek ngalaan beubeur jeung kancing calana. Maksud teh rek disingsieunan.
“Naon, aing mah teu sieun ku nu kitu…” si Mia nyirintil, habek we teu antaparah deui najong bobogaan kuring.
Saha lalaki-na anu kuat ditajong kohkolna. Mun henteu katurelengan oge, pastina panonna bakal burial-buncelik. Na angenna bakal aya anu ngaganjel, ngabagel. Rek usik hese, rek ngomong oge kacida eungapna. Nu karasa ngan nyeri nu moal aya duana, awak jadi teu bisa walakaya.
Keur ungkug-ungkugan nahan kanyeri, si Mia nyampeurkeun, terus grek beuheung kuring dihompet. Eungap-eungap oge dikitu mah kuring ngahenen, ngarasakeun empukna gunung kembar manehna. Najan aya anu ngahiliwir bau teu ngeunah tina lebah kelekna, pikiran teh, cadu moal manggih deui kasempetan emas model kieu mah.
“Mia…Mia…tong dikitu ! Ngareunaheun dikitu mah…” murid awewe raeng.
Dibejaan kitu teh hompetanana dibuntang-banting, terus dilesotkeun. Kuring nu geus beakkeun tanaga, ukur sadrah basa ngajongjolong terus nyungkur kana jukut, nonggeng. Rek cengkat, si Mia mindo najong. Dug! Goak. Tajonganana mener pisan dina liang cungcurungan. “Tah eta mah bonusna…” pokna.
Jep! sora barudak anu eak-eakan ngadadak euweuh. Nu kadenge ukur guram-geremna si Mia anu sakapeung nyakakak.
“Nanaonan maneh teh, Mia ? Awewe-awewe galak…” sora awewe teugeug.
Ret ka lebah sora. Gebeg, paingan barudak repeh, geuning nu cumarita teh Ibu Tata, guru agama. Gigireunana aya Pak Kapala Sakola Pa Dudung jeung Bu Lala.
“Mia, maneh ka kantor ayeuna keneh !” ceuk Kapala Sakola.
Si Mia kalah ngagakgak. Jungkir dua kali terus hut-het, rerengkenekan deui. Kabeh murid langsung mundur. Pa Kapala Sakola jeung Pa Dudung rikat newak. Dicekelan teh si Mia kalah adug-adugan, hayang leupas.
Kuring colohok, kakara eungeuh manehna teh kasurupan. Paingan asa jadi galak. Da sapopoena mah someah darehdeh, hade budi hade basa…
Si Mia pada ngarejengan, beuki lila beuki motah. Sakapeung ngocoblak, sagala dipenta jeung disebutkeun.
“Camahan…Camahan,” ceuk Pa Kapala Sakola. “Punten Bu Tatat, camahan supados teu ngamuk teuing. Ku istri mah sok manjur !”
Bener we sanggeus dicamahan mah si Mia teh teu ngamuk. Ngan murid lalaki jadi reang menta dicamahan.
Heueuh saha lalakina anu embung dicamahan, komo ku nu geulis mah sigana pahayang-hayang. Da geuning dicamahan teh beungeut jalma nu kasurupan diusap, tapi samemehna dampal leungeun anu arek ngusap kudu diantelkeun atawa nyagap heula laranganana.
*dicutat tina Barakatak Mangle Mei 2009 karangan Mirna Utami*