Kakawihan dina Kaulinan Barudak

Kakawihan asal kecap na tina kawih anu hartina sarua jeung tembang, jadi kakawihan hartina tetembangan.  Kakawihan biasana dikawihkeun ku barudak bari arulin, kumargi eta kakawihan sering disebutkeun oge kaulinan barudak. Kakawihan dina kaulinan barudak teh loba, tiap kawih biasana ngawakilan tiap kaulinan.

Lamun barudak arulin dina tangkal, kawihna “Eundeuk-eundeukan”. Ngawihna bari ngeundeuk-ngeundeuk tangkal, dikawihkeun babarengan. Mun rek ucing-ucingan, kawihna “Cing ciripit”. Ngawihna bari ngariung, narangtung. Nu ngariungna aya opat tepi ka lima urang. Nu kapilih kudu ngasongkeun dampal leungeun. Dampal leungeun kenca diasongkeun ka tengah riungan. Kabeh barudak kudu ngantelkeun curuk anu katuhu. Curukna diantelkeun kana dampal leungeun tea. Terus barudak ngawih “Cing ciripit”. Lamun kawihna beak, curuk diangkat. Dampal leungeun dikeupeulkeun. Mun aya curuk anu kakeupeul, eta nu eleh jadi ucing. Mun curuk anu kakeupeul leuwih ti hiji, barudak ngawih deui.

Judul kawih anu sejenna loba keneh, diantarana “Ayang-ayang gung”, “Oray-orayan”, “Tokecang” jeung “Cing cangkeling”.

Cing Ciripit

Cing ciripit,
tulang bajing kacapit,
kacapit ku bulu pare seuseukeutna,
jol pa dalang mawa wayang,
jrek-jrek nong.

Pring kicimpring,
beling piring katincak,
katincak ku suku kenca,
suku kenca kud ingkudan,
jol pa dokter diubaran,
jos-jos plong.

Cing Cangkeling

Cing cangkeling
manuk cingkleung cindeten
plos ka kolong
Bapa Satar buleneng….!


Ayang-ayang Gung

Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak Ki Mas Tanu
Nu jadi wadana

Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni

Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Nganteur kangjeng dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong

sumber: www.yudinugraha.co.cc


Tokecang

Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang sapependil kosong

Aya listrik di masigit meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit karangan dina pipina

Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapependil kosong

Sumber: www.organisasi.org/tokecang


Eundeuk-eundeukan

Eundeuk-eundeukan
Taraju bawang
Kalima cipe, jae ulae
Sangkayo
Cabok cinde mende
Dodomoyo

Endeuk-eundeukan
Jamparing pegat talina
Aleut-aleutan
Nu kawin euweuh walina

Euleung euy euleun barudak urang ka jami
embung euy embung sieun badak nu kamari
Euweuh euy euweuh
Geus dibedil ku si Sedet
Detong det detong
Si Sedet kari sapotong

Jung jae
Balakatanjung jae
Mangsoyi godong malati, riri
Riri nyandung ka putra dalem
Tumenggung Bandung
Bandung tipung polongpong
Saunda saendo poho
Poho tadi lalajo teu mawa simbut, butut!

Eundeuk-eundeukan Lagoni

Eundeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku Nini
Beunang deui ku Aki
Eundeuk-eundeukan cangkuang
Bale Bandung Paseban
Meunang peucang Pa Ujang
Leupas deui ku Akang

Jaleuleu

Jaleuleu ja
Tulak tujaeman gog
Seureuh leuweung bay
Jambe kolot bug
Ucing katinggang songsong
Ngek!

Kali-kali Koneng

Kali-kali koneng
Naha koneng aing di kali
Piubareun budak
Naon budakna
Hulu lisung
Naon pangasuhna
Jurig beureum dikukuncung

Kalongking

Kalongking-kalongking
Bapa sia hudang ngising
Dibura ku madu kucing
Madu kucing meunang maling

Kalongking-kalongking
Bapa sia utah ngising
Beak samak beak samping
Teu cageur waktu sapeuting

Margaluyu

Bang kalima-lima gobang bang
Bangkong di tengah sawah wah
Wahey tukang bajigur gur
Guru sakola desa sa
Saban poe ngajar jar
Jarum paranti ngaput put
Puteri nu gareulis lis
Lisung kadua halu lu
Luhur kapal udara ra
Ragrag di Jakarta ta
Taun opat hiji ji
Haji rek ka mekah kah
Kahar tujuh rebu bu
Buah meunang ngala la
Lauk meunang nyobek bek
Beker meunang muter-ter
Terus ka Cipaten pen
Pena gagang kalam lam
Lampu eujeung damar mar
Mari kueh hoho ho
Hotel pamandanga ngan
Ngantos kanjeng dalem lem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong!

Punten

Punten mangga
Ari ga, gatot kaca
Ari ca, cau ambon
Ari bon, bonteng asak
Ari sak, sakit perut
Ari rut, rujak asem
Ari sem, sempal-sempil
Ari pil, pilem rame
Ari me, meja makan
Ari kan, kantong kosong
Ari song, songsong lampu
Ari pu, puak-paok
Ari wok, wok candewok

Ole-ole Ogong

Ole-ole ogong
Melak cabe di Tarogong
Dihakan ku embe ompong
Diteang kari sapotong

Au-au eheng
Beuleum cau tutung geheng
Embe-embe domba
Anak sapi tutunggalan

Ema-ema weya
Si Sahi kabuhulan
Hayang geura diinuman
Embe-embe doma
Anak sapi tutunggalan

Ema-ema weya
Si Sahi pupundakan
Ku baturna ditumbukan…

Rat-rat Gurisat

Rat-rat gurisat
Nini ingrat paeh diselap
Tiselap kana kuciat
Dibura ku laja tuhur
Laja tuhur meunang ngunun
Meunang ngunung tujuh taun
Kadalapan diburakeun
Nyeh prot, nyeh prot, nyeh prot….

Roro Monyoro

Roro manyoro
Manyoro manjangan ngidul
Anak sia jadi ratu
Diketukan dikenongan
Turunan apung
Karunya ka anak sia

Tik-tik Tolektak

Tik-tik tolektak
Ari tak, taktak bareuh
Ari reuh, reuhak cina
Ari na, naya gengong
Ari gong, gongseng panas
Ari nas, nasi baso
Ari so, sorangan bae yeuh…

Trang-trang Kolentrang

Trang-trang kolentrang
Si Londok paeh nundutan
Mesat gobang kabuyutan
Tikusruk kana durukan

Tuktubrung

Tuktubrung tali tanjung
Papagan nyamplung
Pada leutik pada sempung
Patulangtung patungtung brung…

Sumber: www.manuskripkesunyian.wordpress.com


Ucang-ucang Angge

Ucang ucang angge
mulung muncang ka parangge
digogog ku anjing gede
anjing gede nu Pa Lebe
ari gog gog cungungung

Tongtolang Nangka

Tongtolang nangka
kawinan bapa
poe salasa
teu beja-beja
aduh aduh si bapa
teungteuingeun ka ema
bapa mah suka suka
jeung nu ngora

Tat tit tut

Tat tit tut
daun kanyere (kaliki)
saha nu hitut budak awewe (lalaki)
dibawa kasaung butut
balikna ngaburusut

Ambil-ambilan

Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
saha nu di ambil
kami mah budak pahatu
purah nutu purah ngejo
purah ngasakan baligo
purah tunggu bale gede
nyerieun sukuna kacugak ku kaliage
aya ubarna urat gunting sampurage
tiguling nyocolan dage

Oray-orayan

Oray orayan
luar leor mapay sawah
tong ka sawah
parena keur sedeng beukah
Oray-orayan
laur leor mapay leuwi
tang ka leuwi
di leuwi loba nu mandi
Oray-orayan
oray naon, orya bungka, bungka naon, bungka laut
laut naon, laut dipa, dipa naon,…dipandeuriiiii…

Perepet Jengkol

Perepet jengkol jajahean
kadempet kohkol jejeretean

Sumber: www.riksanagara.multiply.com

1 Comment »

  1. Tovic Said:

    Two Thumb Up ———– didukung ku akang hayu urang ngamumule budaya sunda


{ RSS feed for comments on this post} · { TrackBack URI }

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Connecting to %s

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.